" WILUJENG SUMPING "

Wilujeng Sumping baraya Alumni sadayana...
Wilujeng patepung rawuh pa amprok jonghok di blog na Alumni SMPN 25 Bandung - Angkatan 1988, sumangga nyanggakeun...pamugi tiasa janten panglipur kana Qalbu pangbeberah kana manah....mugiya sakedikna tiasa ngalandongan kasonoan ka baraya baraya anu sa angkatan...

Atuh katebihna mugiya ieu blog sing janten jambatan kanggo nyambungkeun tali silaturahmi urang sadayana...Amin Ya Allohu Ya Robbal'alamiin....

Boh bilih aya kritik sareng saran kanggo ieu blog mugi ulah asa-asa sareng ulah asa kawagel mangga weh langsung dugikeun dina postingan anu tos aya, Insya Alloh ieu blog urang tetep jaga tur mugiya kapayuna pinuh ku mang rupi-rupi konten anu mangfaat...Amin...

Wassalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh...


Bela Sungkawa...

Assalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokaatuh...


Atas nami kulawargi IKALUNI-88 SMPN 25 Bandung Angkatan 1988, abdi ngahaturkeun rasa bela sungkawa anu sa estuna ka Kang Teguh Hambali Kelas 3C, anu mana dina dinten Juma'ah ieu keuna ku musibah di kantunkeun ku rama pituin di RS.Santosa tabuh 12.35, mugiya Kang Teguh sakulawargi sing di paparin kasabaran tur katawekalan, atuh mugiya Almarhum di hapunten samudaya ning dosa perdosaan nana, sing di tampi Iman tur Islam na...amin Ya Allohu Ya Ghofururrohiim....


Wassalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokaatuh...


IKALUNI-88 SMPN 25 Bandung
 

"Tolong Cantumkan Nama atau Gunakan Opsi Nama/Url saat Anda memberikan komentar...Hatur Nuhun"