" WILUJENG SUMPING "

Wilujeng Sumping baraya Alumni sadayana...
Wilujeng patepung rawuh pa amprok jonghok di blog na Alumni SMPN 25 Bandung - Angkatan 1988, sumangga nyanggakeun...pamugi tiasa janten panglipur kana Qalbu pangbeberah kana manah....mugiya sakedikna tiasa ngalandongan kasonoan ka baraya baraya anu sa angkatan...

Atuh katebihna mugiya ieu blog sing janten jambatan kanggo nyambungkeun tali silaturahmi urang sadayana...Amin Ya Allohu Ya Robbal'alamiin....

Boh bilih aya kritik sareng saran kanggo ieu blog mugi ulah asa-asa sareng ulah asa kawagel mangga weh langsung dugikeun dina postingan anu tos aya, Insya Alloh ieu blog urang tetep jaga tur mugiya kapayuna pinuh ku mang rupi-rupi konten anu mangfaat...Amin...

Wassalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh...


Photo Reuni SMPN 25 Angkatan '88' tgl.10 Juli 2010 (#009)

Selalu pasang aksi saat saat ketemu paparazi anu bahasa keren na mah tukang potret keliling....gkgkgkgkk...Tuh ning aya Teh Sri Sustiowati, Teh Mimin Mintarsih, Teh Mulyati, Teh Kartika...teras anu calik paling ujung bari tungkul wae duka nuju nga SMS / FB an atanapi ninggalan menu....Teh Lia Marliati, Teh Rina, Teh Ira, Teh Tina, Teh Evi, Teh Erika sareng Teh Yani.....