" WILUJENG SUMPING "

Wilujeng Sumping baraya Alumni sadayana...
Wilujeng patepung rawuh pa amprok jonghok di blog na Alumni SMPN 25 Bandung - Angkatan 1988, sumangga nyanggakeun...pamugi tiasa janten panglipur kana Qalbu pangbeberah kana manah....mugiya sakedikna tiasa ngalandongan kasonoan ka baraya baraya anu sa angkatan...

Atuh katebihna mugiya ieu blog sing janten jambatan kanggo nyambungkeun tali silaturahmi urang sadayana...Amin Ya Allohu Ya Robbal'alamiin....

Boh bilih aya kritik sareng saran kanggo ieu blog mugi ulah asa-asa sareng ulah asa kawagel mangga weh langsung dugikeun dina postingan anu tos aya, Insya Alloh ieu blog urang tetep jaga tur mugiya kapayuna pinuh ku mang rupi-rupi konten anu mangfaat...Amin...

Wassalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh...


Tepang Sono 2 on Pictures...


Nyaan Kang Adhok mah kana cai teh ni tos dua gelas satengah....cingcing urang tataan hiji-hiji ngawitan ti kiwa ka kanan : Kang Adhok nuju nguningaan waos na...bari kekemu ku ci enteh...Kangwoody nuju Ssssst...urab rihuw awub...xixixi, Kang Budi M Noor ....lempeng saja yah kang !! Kang Teddy Kareka rada nyumput anjeuna mah da eta isin ku tuur saurna teh....wkwkwkwk Kang Tonny About...makin gagah kang...emh...eta Kang Ade Latuk meni sapertos nu ceuceub ka abi...bangun bari ngadilak....wkwkwkwk piss ah....Kang Deden...kade ah kang ulah waka babar didieu bilih barabe.....wkwkwkkkk piss ah brother...