" WILUJENG SUMPING "
Wilujeng patepung rawuh pa amprok jonghok di blog na Alumni SMPN 25 Bandung - Angkatan 1988, sumangga nyanggakeun...pamugi tiasa janten panglipur kana Qalbu pangbeberah kana manah....mugiya sakedikna tiasa ngalandongan kasonoan ka baraya baraya anu sa angkatan...
Atuh katebihna mugiya ieu blog sing janten jambatan kanggo nyambungkeun tali silaturahmi urang sadayana...Amin Ya Allohu Ya Robbal'alamiin....
Boh bilih aya kritik sareng saran kanggo ieu blog mugi ulah asa-asa sareng ulah asa kawagel mangga weh langsung dugikeun dina postingan anu tos aya, Insya Alloh ieu blog urang tetep jaga tur mugiya kapayuna pinuh ku mang rupi-rupi konten anu mangfaat...Amin...
Wassalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh...
Wassalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh...
IKALUNI-88 Albums
Potret Djaman Dahoeloe....
Dari kiri ke kanan : Kang Asep Jack (Angk.87), Teh Eli, Kang Ade Black, Teh Sri Ratna, Teh Sri Entoet, Teh Imas & Kang Dedy (Angk.87)
Potret Jaman Baheula...
Nalika Perpisahan Angkatan 89....Lain uy eta mencarkeun maneh nembangna, majar teh meh wareg neureuy e mic na, pan anu lian mah hiji e mic ku tiluan....ngan untung uy lur teu kabeureuyan oge....wkwkwkwk
Photo Reuni SMPN 25 Angkatan '88' tgl.10 Juli 2010 (#015)
Teu kawon ku bentang tamu...aslina atuh angkatan '88' teh pinuh ku kreatif tur seueur artis, tinggal weh Kang Ronny oge pamaen Organ na meni colohok bari nyabak lambey duka ngacay duka aya sir.....gkgkgkgkgkkk
Photo Reuni SMPN 25 Angkatan '88' tgl.10 Juli 2010 (#014)
Kang Dadan (Tongliems) rupina alim di candak deui door prizena ku Kang Husein sareng Kang Harun, tuh tingal dugi ka muringis kitu....Alim ah....bilih katarosan ku anu dibumi saurna teh....he he he ....
Photo Reuni SMPN 25 Angkatan '88' tgl.10 Juli 2010 (#012)
Tah pami ieu mah....Angle on three Charlie's '88'......KH. Gugum Gumilar, Kang Bayu, Kang Budi Asmono sareng anu geulis di antara anu tilu eta....Teh Erika.....
Photo Reuni SMPN 25 Angkatan '88' tgl.10 Juli 2010 (#011)
.....semu na teh pa hereng hereng....atu da anu hiji hoyong kawih Daun Pulus Keser Bojong anu hiji hoyong lagu baratan anu judul na Half of Moon alias Bulan Sapasih....matak geh ieuh sok badami heula di handapeun panggung supados kompak.....gkgkgkgkgkkkk
Photo Reuni SMPN 25 Angkatan '88' tgl.10 Juli 2010 (#009)
Selalu pasang aksi saat saat ketemu paparazi anu bahasa keren na mah tukang potret keliling....gkgkgkgkk...Tuh ning aya Teh Sri Sustiowati, Teh Mimin Mintarsih, Teh Mulyati, Teh Kartika...teras anu calik paling ujung bari tungkul wae duka nuju nga SMS / FB an atanapi ninggalan menu....Teh Lia Marliati, Teh Rina, Teh Ira, Teh Tina, Teh Evi, Teh Erika sareng Teh Yani.....
Photo Reuni SMPN 25 Angkatan '88' tgl.10 Juli 2010 (#008)
Nuju ngantosan lalawuh anu teu acan sayogi....jantena teh saregot sewang cai mineral....gkgkgkgkkkkk
Photo Reuni SMPN 25 Angkatan '88' tgl.10 Juli 2010 (#007)
Berpose dulu ach sebelum yang laen pada datang dan acara belum dimulai....dari kiri ke kanan : Teh Ratnasari, Teh Yani, Teh Tina, Kang Dadan (Tongliems), Teh Sri Ratnaningsih sareng Teh Kartika
Photo Reuni SMPN 25 Angkatan '88' tgl.10 Juli 2010 (#006)
Tah gening aya Kang Lingga...aslina bagja yeuh tiasa ngempel, riung mungpulung pa amprok jonghok kieu teh...mung eta teh kumargi teu aya podium janten weh mic stand di angge panunjel...majar tea mah cangkeul ceunah...xixixixi
Photo Reuni SMPN 25 Angkatan '88' tgl.10 Juli 2010 (#005)
Tah pami ieu mah saur bohongna mah Charlie's Angles na Angkatan '88'....he he he....Teh Yani, Teh Ira, Kang Ade (Black) sareng Teh Tina....
Photo Reuni SMPN 25 Angkatan '88' tgl.10 Juli 2010 (#004)
Eh...sami gening ...namung ieu mah rada mencrang janten katawis pisan kasep tur geulis na akang sareng teteh sadayana.....
Langganan:
Postingan (Atom)
















